Tuesday, June 23, 2009

Embe anakan embe

Hiji waktu si Kabayan keur cingogo we di kandang embe, sihoreng teh si Kabayan keur nungguan embe bikang na anu arek ngalahirkeun.

Sabari langak-longok kana bujur embe si Kabayan teh panasaran siga anu gelisah, sakapeung-sakapeung si embe teh diusapan beuteungna, terus buntut embe teh di angkat, atuh embe na ngambek, maklum keur nahan kanyeri da rek ngalahirkeun tea.
Teu lila embe teh ngalahirkeun, anakna aya dua, hiji warnana bodas hijina deui belang bodas hideung. Si Kabayan buru-buru nilikan anak embe, manehna narik napas panjang terus ngusap kesang na tarangna, sabari ngerenghap, si Kabayan ngomong dina hate, "Alhamdulillah geuning embe teh anakna embe", si Kabayan
seuri dina hate, menehna cengkat bari malik rek indit, karek meunang salengkah ujug-ujug aya anu ngageroan, "Bapaaaa, bapaaaa", ari ditangali, horeng teh nu ngageroan teh anak embe.

Si kabayan pingsan.

No comments: